Senin, 11 Januari 2010

Jirim nu di naha naha

Nalika wujud salira maya
angin ririh ngahiliwir
angin puyuh gegelebugan
aya nu kapati-pati
implengan ngaréka-réka
panutan sarwa sampurna
Basa anjeun kalan-kalan némbongan
balébat kokolébatan
ngan saséor hujan silantang
aya nu midangdam
da wangwangan teuing ku yakin
pupujaning ati téh nu keur dipilari
Cunduk waktu wujud anjeun nampeu hareupeun
raga nyata léah manah
lain kukupu nu ngageleber hésé néwakna
lain katumbiri nu boa iraha kawénéhanana
hate kalah nganaha-naha
kaduhung tepung
migandrung sotéh mun anjeun teu sumping-sumping
hanjakal tepang
mitineung sotéh mun anjeun ngawujud kalangkang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar