Nalika hate teu merean anjeun mikaheman nu lian
Ulah nanya naon nu jadi lantaran
Jawabanana teu kapaluruh najan ku diri sorangan
Galih jeung rasa teh tatarucingan
Sakapeung teu perlu diteguh
Eusina aya na ati sanubari sewang-sewangan
Geura ragap hate anjeun ku rasa anjeun
Sugan karampa eusina
Kateuleuman jerona
Kaharti gerentesna hate nu ieu
Nu hieum ku kakayon
Nu buni ku lalangse...lungse
Teu rengse-rengse
Ngabandungan anjeun ngalalakon
Dina layar rubak dunya implengan
Sukan-sukan.
Senin, 11 Januari 2010
Langganan:
Posting Komentar (Atom)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar