Ka mana jalan ka bulan
tempat linduk geusan ngancik
pangbeberah keur bumetah
geuning mana bangun tingtrim
ku hayang tiis pikir
jauh jeung sarwa pakéwuh
hanjakal teu kadongkang
diajulan samar tepi
horéng bulan bet anggang tina ciciptan.
Tuduhkeun jalan ka bulan
najan rembet rék disungsi
bahla gé da rék disorang
hamo gimir moal mingsir
kapalang séba diri
masrahkeun badan sakujur
cumah betah di dunya
dinyenyeri dipeupeurih
geuning bulan puguh asa beuki anggang
Anteurkeun kuring ka bulan
sina deukeut reujeung langit
sina dalit reujeung béntang
meureun tingtrim ieu ati
anggang tina berewit
moal panggih jeung bangbaluh
puguh genah sorangan
sok kajeun kedah nunggelis
itu bulan kalah nyingkah ngajauhan.
Senin, 11 Januari 2010
Langganan:
Posting Komentar (Atom)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar