Jumat, 03 Agustus 2012

Selasa, 09 Maret 2010

Kawih kaasih

Hate mah lir kila-kila simpena langit
Meusmeus muyung tungtung layung
meusmeus melang ku hariwang
Piligenti ngagali wanci
silih bintih nurih kapeurih
Nya ayeuna pisan,ngintun harepan
Sanajan kawilang melang ku anggang
Sanajan astra waruga teu karampa
Nyuuh kalbu mah rengkuh sasadu bilih bendu
Duh, kacipta... linggih ka nu tebih
Nyelang nganjang ngahaja ngaraksa beja
Sungkem nepangkeun diri nu pikakeuheuleun
Salam baktos rumaos tos tega basa
Hate mah lir kila-kila langgam cai
Sakapeung kiruh ku kalepatan
Sakapeung ripuh ku kaayaan
Ngalayah ngabedah sasat ku saat
Silih tindih ngagerih garing kasedih
Nya ayeuna pisan,nyanggakeun kawih kaasih
Sanajan teu nikreuh longok jonghok
Sanajan teu nikreuh ngagandong landong
Mung bingah gumulung najan teu tepung
Duh, reueus ngadeuheus ungkara cinta
mahugi ati ngamumule hate
Meungpeung geugeut sangkan nineung
Kahatur pidu'a mugia bagja tur waluya...

Rabu, 27 Januari 2010

Anu sesat

Teu taat
Imanna gawat
Ngawada nasehat
Ingkar amanat
Mindeng khianat
Batur diumpat
Tutulung liat
Pagaweana mudarat
Hese nyobat
Handap martabat
Hirup sesat
Resep maksiat
Tacan tobat
Nyawa paragat
Paeh kawalat
Sangsara di akherat
Nu sakarat
Rahayat malarat
Gering ngajejepat
Nyadang panyawat
Teu diobat
Hayang dirawat
Di rumah sakit pusat
Disentak perawat
Teu ditebus obat
Tambah gawat
Antukna sakarat
Nu dihormat-hormat
Saurang pejabat
Nolak nasehat
Khianat amanat
Nipu rahayat
Lobakeun sobat
Ngingu advokat
Miara jimat
Nyieun siasat
Naek pangkat
Pada ngahormat
Fasilitas nikmat
Anggaran diembat
Subsidi disumbat
Sumbangan disunat
Resep maksiat
Pinter bangsat
!Rahayat malarat
Rahayat ngadat
Pada ngahujat
Mahasiswa nguliat
Daremo disikat
Eling pejabat!
Jabatan amanat
Apes dipecat
Tacan tobat
Kaburu wafat
Bisi kawalat
Jaga di akherat.

Anu taat

Umat taat
Imanna kuat
Tumut nasehat
Cekel amanat
Tara khianat
Yakinkeun syhadat
Nanjeurkeun sholat
Puasa tamat
Mere zakat
Ka haji mangkat
Pamadegan tepat
Awak sehat
Bathin wal afiat
Elmuna manfaat
Boga bakat
Gawe giat
Pagaweanna maslahat
Rezeki ningkat
Tutulung rikat
Ka sasama hormat
Tara ngumpat
Tara maksiat
Alam dirawat
Masyarakat kabengbat
Luhur martabat
Loba sobat
Mindeng tirakat
Salawasna tobat
Meunang rahmat
Dunya nikmat
Sugema akherat.

Selasa, 26 Januari 2010

Opat kalima pancer

Opat kalima Pancer teh nyaeta palsapah kahirupan urang Sunda anu geus ngahiji ngajadi darah daging dina ketak kahirupan, rengkak saparipolah urang Sunda,. eta kusabab karuhun urang geus bisa maca alam jeung ka-hakikianana. Terus nyurup kana gerak, musik, itungan, jeung ampir sakabehna ngagunakeun dasar kahirupan opat kalima pancer.
Naha naon tea atuh anu di sebut opat teh? Jeung anu mana anu disebut kalima pancer -na? Urang mimitian tina nalungtik diri maca awak urang heulanan. Dina awak urang aya anu disebut sisi opat diman nangtung, nyakujur, siga urang kapanan boga sisi hareup, sisi tukang, sisi kenca jeung sisi katuhu. Tah eta teh kapanan opat sisi sanes? Ari anu kalima na mana? Anu kalimana mah nya kapanan awak urang anu ngabogaan sakabehna . Ieu dadaran kasar dina ngajelaskeun sisi anu ku para sepuh rada teu patos diebrehkeun gancang- gancang, kusabab dina ngaguar dadaran ieu estuning henteu mung sakadar bacaan lahir wungkul,da upami diteraskeun mah jujutananan nyaeta muka lawang lain ngeunaan kumaha carana apal kana awak urang, samemeh urang apal ka Pangeran urang.
Urang teraskeun, dina ieu bacaan [ maca= ningali tina sisi lain/ makna palsapah] sakabeh unsur anu aya di alam, anu dilakonan, kalawan talajak manusa sakabehna, eta teh mangrupa simbol dina hirup kumbuh kumelendang di ieu alam, geura urang baca sisi hareup teh kapanan pikahareupeun, sisi tukang mangsa anu geus dilakonan, sisi kenca, sisi kagorengan, sisi katuhu harti tina sisi alus, kabeh diawak urang. Kamana urang nyanghareup (hirup) didinya urang ngabogaan opat perkara anu pasti jadi kalawan ngahiji diawak urang, kumaha urang nyanghareupan isuk, kumaha urang ninggalkeun waktu lalakon anu geus akliwat mangasa katukang, naha urang teh rek jadi jalma anu cek masyarakat alus atawa goreng? keur jalma anu apal kana laku jeung lakuning hirupna, pasti bisa nyaluyukeun jeung alamna,eta jalma pasti bisa hirup dimana bae ayana. dina sisi lain urang baca bae rehna anu disebut opat sisi awak urang teh, sacara garis mah nyaeta horizontal, atawa datar, hartina garis urang hirup kumbuh dialamna, cek urang islam mah disebutna Hablumminannas atawa jalur kahirupan kamanusaan, sedeng anu disebut kalima pancer sacara garis nyaeta vertikal atawa jalujur manusa jeung pangeranana atawa hablumminalloh.
ngarah teu jero teuing, urang buka tina tataran dasar maca awak tina angka-nagka anu nuduhkeun angka opat ka lima kabeh nerap dina awak urang, cobi itung sabaraha jari urang? sabarah anggota awak urang? naha disebutna Panca indera? sabaraha tea eta teh? ari getih aya sabarah jenis? kabeh nuduhkeun itungan alam dina awak urang jeung itungan karuhun urang teh ngan lima. sabaraha unsur ari alam teh?
urang baca ramo urang,naha aya lima? eta nuduhkeun rehna urang kudu bisa maca cinggir,jariji,jajangkung,curuk jeung jempol. Kumah kirata na?(kirata = dikira-kira tapi nyata). Cinggir ( urang teh kudu diajar mikir atawa pake otak teh keur ngolah jeung maca alam), Jariji ( kudu diajar ngahijikeun pamanggih atawa elmu panemu), Jajangkung ( kudu kapanggih ka jangkung na, jucung, atawa kabiruyunganana dina kapangeranan), Curuk (kudu diajar nyukcruk sing kapanggihna) tah lamun geus kapanggih anu opat mah maka eta jalma teh bakal jadi jalma jempolan. naha kumah pentingna jempol teh? sok urang titenan, ku jempol leungit tina ramo urang, kapanan sakitu susahna urang rek nyokot naon bae oge, tapi aya jempol jeung hiji ramo laina, masih keneh bisa nagajalankeun fungsi leungeun. hartina sakumaha penting pisan urang kudu jado jalma jempolan teh bari jeung sagala kurang oge, tapi hirup kalawan ngarti kana lakuning hirup eta nu disebut jalma.
Tina ieu weh bisa katingal ciri, matak urang sunda mah lamun nuduhkeun teh make jempol sanes? komo lamun manggih anu disebut alus mah bakal ngacungkeun jempol.
salajengna, urang baca anggahota awak urang teh aya sabaraha? kahiji sirah, anu kadua leungeun, katilu awak, kaopat suku, anu kalima nyaeta, rasaning rasa anu bisa ngahijikeun sakabehna, contona, anu katincak suku anu nyengir beungeut, anu kasundut leungeun nu ngagorowok sungut, abri jeung kareuwas tepi kateu bisa dahar atawa nginum, tah anu kalima teh anu ngahirupkeun kabehanana, naon tea? peun heula nya?.
Panca Indera kapanan Lima anggota indera paningal, pangambung, panguping, pangecap sareng rasaning rasana tina panon jeung paningalna, ceuli jeung pangupingna, irung jeung angseuna, baham jeung pangrasana. emutkeun ani kalima na.
Getih kade ulah disangka aya dua, eta oge kapanan aya Lima, cikan geura, aya getih beureum, bodas, hideung, koneng, jeung getih anu disebut intisarina getih,

Jumat, 22 Januari 2010

Honcewang

Di dinya palebah dinya
lebah susukan jalan nu taringgul ku batu
ngeclakna cai nyascas bodas
dina lamping semu kayas
taneuh beureum liliwatan
jadi saksi sore tadi
Di dinya palebah dinya
lebah logakna jalan ngeyembeng cai ki hujan
becek nyuuh da puguh kiruh
cileuncang semet mumuncang
tapak keur hujan
leumpang laun semu alum...karasa ku ati-ati
da puguh inggis teu nepi
Di dinya palebah dinya
anjlogna ka hiji lembur....
lembur pamatuhan batur
pasir luhur ebreh katenjo
bruk-brak lega ku pasawahan
mangsa tatanen keur ngemploh hejo
matak hook nu nempo
Di dinya...
enya palebah dinya
di tempat linduh tur iuh sumebar aya malati
malati keur mangsa ligar
ngahunjar malah teu usik
bongan alum..
nyerang kanu rek balik.

Rabu, 20 Januari 2010

Jeritan hate

hate teh keur rada salempang, komo mun pareng nyingareupan wanci sareupna bari hujan ngaririncik ti sore keneh, asa loba kamelang hirup jauh ti dulur jeung ti kolot teh, asa euweuh pisan tempat keur pakumaha. jung nangtung rada lalinglung, asa kebek ku piceurikeun, lamun seug teu inget kana pangawak mah da hayang jejeritan bari gogoleran. ngong adzan magrib asa nambahan kapeurih, berebey ci panon ngalembereh mapay pipi, asa bet harianeun kuring ka pangeran, haben we mikiran dulur nu jauh kolot nu anggang, padahal kuring boga pangeran nu murbeng alam. gusti nu teu weleh ngaping ngajaring diri, Allah nu teu weleh deukeut jeung sakabeh mahluk na. buru- buru kuring ka cai, wudlu bari rasa angger rada ngarakacak. keun sugan we ieu hiji ubar hate sangkan leuwih tenang tur tumarima. mudah2an Allah swt maparin kakiatan sareng ka sehatan. nitip pun biang sareng pun bapa ya Allah, nitip lanceuk jeung adi kuring ya Allah, nitip Alo-alo kuring ya Allah,mudah2an sakumna dina wanci anu ayeuna keur tunduk sumujud ka Anjeun ya Allah,
ret kamelang teh rada ka ubaran, bener ceuk ajengan, ku sholat mah sagala masalah pasti bisa di rengsekeun, sagala karerepet pasti bisa di tungtas keun. peuting beuki nyerelek ka wanci janari, keukeuh panon can bisa di peureumkeun, euweuh pisan pi tunduheun, anginpeuting nyeleket kana tulang tonggong. poho simut teu ka jait, jadi we baseuh ka hujanan. kalah parat ka subuhnakeun panon teh kalah jeler beureum jiga nu tos mabok, sirah balideg, beuteung mules, sungut murel. piraku ari nyiram mah. ah meureun kuring teh asup angin. sanggeus sholat subuh mah kuring buru-buru naheur cai keur ngahaneutan peujit.