Kamis, 24 Desember 2009

Sisindiran

#Kuring mah alim ka Bandung,
sieun ka Sumedang hilir,
Kuring mah alim dicandung,
sieun ditinggalkeun kilir.
#Kuring mah alim ka Bandung,
hayang ka Soreang bae,
Kuring mah alim dicandung,
hayang ku sorangan bae.
#Baju hideung kancing tangan,
dikaput ku merang awi,
Nu hideung matak teu nangan,
sing emut ka diri abdi.
#Baju tablo dibulao,
kembangna katuncar mawur,
Ari bogoh ti bareto,
terang-terang geus ka batur.
#Batur mah dibaju hideung,
kuring mah kabaya bae,
Batur mah dipikatineung,
kuring mah sangsara bae.
#Kasur jangkung bantal panjang,
nya bogo di ka caikeun,
Anu jangkung kuring melang,
nya bogoh urang jadikeun.
#Daun nona daun saga,
katuruban ku jarami,
Teu ayeuna sugan jaga,
kasorang ku diri kami.
#Kukulu di buah manggu,
pisitan buah ramanten,
kuru lain ku teu nyatu,
Mikiran nu hideung santen.
#Suwangkung ulah dihumbut,
pikeun tihang papajangan,
Nu jangkung ulah sok imut,
bisi kuring kaedanan.
#Cukangkang diguling munding,
kincir ngait kana wijen,
Duh akang kumaha kuring,
pikir ngait ka nu sejen.
#Puyuh ngungkung dina kurung,
titiran dina irateun,
Isuk nguyung sore nguyung,
mikiran piduriateun.
#Badoang manuk badoang,
hiberna kana wahangan,
Dagoan kuring dagoan,
sapanjang aya halangan.
#Lamun hayam dina korang,
meureun hese usik malik,
Lamun heg henteu kasorang,
meureun paeh ge buncelik.
#Bangbara dina bangbarung,
kulit munding kahujanan,
Sangsara kuring dicandung,
gulang-guling ngan sorangan.
#Haruman gunung haruman,
boboko di ka parakeun,
Kaluman kuring kaluman,
kabogoh geus nyapirakeun.
#Kaduhung kuring ka Lembang,
ka lembang ka Cibiana,
Kaduhung kuring kagembang,
kagembang kieu rasana.
#Ban karet geuning ban karet,
ditumpakan nyonya cina,
Kapelet kuring kapelet,
kapelet kieu rasana.
#Majar maneh rek ka huma,
ka cai ngajingjing kendi,
Majar maneh rek karunya,
kari-kari nganyenyeri.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar